Info Terbaru 2022

Contoh Teks/Naskah Mc (Haul) Bahasa Sunda

Contoh Teks/Naskah Mc (Haul) Bahasa Sunda
Contoh Teks/Naskah Mc (Haul) Bahasa Sunda

Sebelum masuk kedalam inti postingan, terlebih dulu saya ingin mengucapkan "Takobalallohu minna wa mingkum, takobal ya karim", selamat hari raya idul fitri 1438 H mohon maaf lahir dan batin. Postingan kali ini saya akan membagikan sedikit buah tangan kemarin setelah hari lebaran. Ceritanya saya ditunjuk untuk menjadi pembawa program (MC) pada program peringatan nasab keluarga (haul) dan kebetulan diminta untuk memakai bahasa sunda. Saya secara teknik memang orang sunda (dan jawa), namun alasannya faktor lingkungan saya yang notabene mix antara orang sunda dan jawa maka bahasa tempat saya tidak ada yang manis (walaupun sunda bisa, dan jawa pun bisa) dalam hal (kalau kata orang sunda disebut bahasa loma, jika kata orang jawa disebut bahasa kromo). Nah tadinya saya ada niat untuk meminta pemberian pada paman istri saya yang sudah andal dalam hal ini, namun alasannya satu dan lain hal tidak jadi. Dan alhasil jalan terakhir tentu saja memakai sohib bersahabat google.

Teks ini saya dapatkan di blog SAUNG-KANGMUHRI, dengan beberapa perhiasan (dan penyesuaian) di beberapa penggalan dengan kata-kata versi saya, berikut ini teks nya:

Assalamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh
Innal hamdalillah, nahmaduhu wanasta’inuhu wanastagfiruhu, wana’udubillahi mingsururi ‘anfusina waminsayyiati a’malina, mayyahdihillahu fala mudillalah wamayyudlil fala hadialah, Ashadualla ilahaillalloh wahdalua syarikalah, waashaduanna muhammadan ‘abduhu warosuluh, Amma ba’du.

Ka sadaya wargi sohibulbait nu ku sim kuring dipihormat, ka sadaya wargi rombongan ti Ciamis ku ku sim kuring di pihormat, ka almukarom Bpk. K.H. Ahmad Matori nu ku sim kuring dipihormat, ka sadaya wargi turunan bani H. Faqih nu ku sim kuring dipikanyaah.

Ba’da Tahiyat Islam anu ngajantenkeun cirining urang kalebetkeun umat islam, langkung tipayun hayu urang sasarengan manjatkeun puja ka Alloh ‘ajja wajalla, puji Ka Alloh nu maha suci tur syukur ka Alloh nu maha Gofur, Anu parantos maparin mangpirang-pirang kanikmatan, kanikmatan lahir katut bathin tur nu utamina nikmat halawah dina kaimanan tur kaislaman.

Oge, kalayan izin timantena tur kalayan hidayah inayah sareung rahmatna urang tiasa kempel ngariyung mungpulung bongkok ngaronyok diieu haplah mubarokah, mugia haflah ieu tiawal dugi ka simpulan janten nilai ibadah kanggo urang samudayana, Amin ya Robbal’alamin.

Teu kakantun sholawat miwah salamna mugia dilimpah curahkeun ka junjunan urang sadayana anu janteun pupuhu para ambiya, nyatana Habibana wanabiyyana kangjeung Nabi Muhammad SAW teu kakantun kasadaya ahlulbaitna, sohib sohabatna ka para tabi’in tabi’utna malah mandar dugi kaurang sadayana anu janten umatna, mugia salalamina nyepeng pageuh kana pedoman timantena tur nyuprih kana sunah-sunahna. Amin ya Robbal’alamin.

Hadirin wal hadiroh hormateun sim kuring, hapunten nu kasuhun hampura nu keteuda, dina danget ayeuna simkuring kumawantun nyarios dipayuneun para sepuh para wargi sadaya, sanes adigung atanapi nurus tunjung, rupina sim kuring dipercanten janten pupuhu catur, nanging hapunten bilih ngawur da simkuring mah tara seeur saur ieu nyarios ge bari nyorongcod tuur.

Sateuacana, simkuring ngawakilan sohibulbait hoyong ngahaturkeun wilujeng sumping sinareng hatur nuhun saageung-ageungna margi abdi miwah rengrengan kulawargi didieu ngaraos bingah tur jembar manah, wirehna para wargi sadaya tiasa nohonan kana ieu haflah, teu kakantun sim kuring oge ngahaturkeun TAKOBALALLOHU MINNA WA MINGKUM, SIAMANA WASIAMAKUM, TAKOBAL YA KARIM, wilujeng boboran siam 1438 HIJRIAH neda dihaputen tina samudaya kalepatang lahir sinareng kalepatan batin.

Kangge salajengna simkuring bade medarkeun catur anu baris dilakonan dina danget ayeuna kana sababaraha hiji program nyaeta :
1. Bubuka
2. Pembacaan ayat suci Al-Qur’an sinareng sholawat nabi
3. Tawasul
4. Prakata panitia
5. Silaturahmi wal ta'aruf ti masing-masing rumpun kulawargi
6. Tausiah & Do’a
7. Tutup

Hadirin wal hadiroh samudayana, supados teu nyangkalong kana waktos mangga urang kawitan wae program anu kahiji nu rupina “BUBUKA”, kalayan ‘aosan basmalah sasareungan, mangga dihaturanan… “BISMILLAHIRROHMANIRROHIIM

Alhamdulillah program parantos dibuka sasareungan, kangge program anu ka dua nyaeta “Pembacaan ayat suci Al-Qur’an sinareng sholawat nabi” anu Insyaalloh bade disanggakeun ku saderek Khoer Afandi... sumangga ka saderek Khoer Afandi waktos sinareng tempat disanggakeun.

Dihaturkeun nuhun ka saderek Muhamad Khoer Afandi, mugia ayat-ayat kalamulloh nu di’aos sinareng sholawat nu di nadomkeun janten cukang karena lungsurna romat Alloh SWT ka urang samudayana.

Hadirin para bapa miwah ibu anu sami hadir, mangga urang teraskeun wae ka program anu ka-3 nyaeta “TAWASUL”, nu rupina bade disanggakeun ku pangersa Bapak Sodik, Ka pangersa bapak Sodik, waktos sinareng tempat disanggakeun.

Haturnuhun ka pangersa Bapak Sodik nu parantos mingpin Tawasul, mugia karuhun-karuhun urang, ibu rama urang, wargi-wargi urang atanapi guru-guru urang sadaya nu parantos ngintunkeun salamina aya dina panangtayungan Alloh SWT. Amiin ya robbal ‘alamin.

Salajengna urang teraskeun ka program ka-4 nu mangrupi Prakata Panitia, nu Insyaalloh bade didugikeun ku saderek Asep Muhamad Dahlan, ka saderek Asep Muhamad Dahlan waktos sinareng tempat disanggakeun.

Haturnuhun ka saderek Asep Muhamad Dahlan, mugia naon nu di dugikeun janten manfaat kangge urang sadayana. Amiin ya robbal ‘alamin.

Hadirin rohimakumulloh, nincak ka program nu ka-5 nyaeta “Silaturahmi ti masing-masing rumpun kulawargi”, mangga urang sami-sami regepkeun runtuyan nu bade di dugikeun ku masing-masing perwakilan kulawarga.
   1.    Keluarga besar Bapak H. Zakaria
   2.    Keluarga besar Ibu Hj. Zaenab
   3.    Keluarga besar Ibu Maemunah
   4.    Keluarga besar Ibu Hj. Yayah
   5.    Keluarga besar Bapak H. Aripin

Alhamdulillah parantos kasaksian ku urang sadaya runtuyan silsilah kalayan taaruf pangaweruh ti masing-masing perwakilan kulawarga, mugia ieu ngajantenkeun asbab raketna silaturahim kulawarga urang sadayana. Amiin ya robbal ‘alamin.

Teu karaos urang tos dugi kana program nu ka-6 nyaeta “Tausiah dilajengkeun Do’a”, kangge Tausiah sinareng do’a ieu insaalloh bade disanggakeun ku Almukarom Bapak K.H. Ahmad Matori, ka pangersa Bapak K.H. Ahmad Matori waktos sinareng tempat disanggakeun.

Haturnuhun ka Almukarom Bapak K.H. Ahmad Matori anu parantos medarkeun mangpirang-pirang pangaweruh ka urang sadayana, mugia janten pibekeleun jaga boh di dunnya lewih-lewih di akheratna. Amiin ya robbal ‘alamin.

Alhamdulillah program tikawit dugi ka simpulan parantos dilakonanan, rupina kanggo mungkasan atanapi epilog program dina haflah danget ayeuna hayu urang ‘aos HAMDALAH sasarengan, ALHAMDULILLAHHIROBBIL’ALAMIN…

Ba’da sim kuring nutup, dihaturanan para wargi kangge MUSAPAHAH HALAL BI HALAL dikawitan ti jejeran nu pang payuna. Dilajengkeun tuang alakadarna anu parantos disayogikeun ku bagean dapur.

Pamungkas sanggem, Simkuring anu janteun pupuhu catur neda ageungna pangamputen bilih aya saur nu teu kaukur, atanapi polah nu teu merenah. kitu deui bilih aya kakirang dina panampianana boh katempatana atanapi tuang leeutna, nyuhunkeun ageungna pangapunten.

Akhirul kalam, Wabillahi taufik walhidayah wassalamu’alaikum Wr. Wb.
Advertisement

Iklan Sidebar